Sabtu, 10 September 2011

BIANTARA PANGANTEN PAMEGET


BIANTARA NYERAHKEUN PANGANTEN PAMEGET
Bismillahirrahmannirrahim ;
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro.
Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh.
Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Badu.

Bapa naib ti kantor urusan agama ( KUA ) nu kusimkuring dipikahormat, keluarga ti panganten istri nukusimkuring di pikahormat, sareng para undangan nuparantos dongkap sami nukusimkuring dipikahormat jeung dipikadeudeuh .

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rebu-rebu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos.


Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin.
            Paratamu undangan nukusimkuring dipikahormat, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung patepang raray dina acara hajatana bapa darsono sakaluwargi, numaksadna nikahkeun neng euis ka ujang panji.
            Simkuring didieu salaku wawakilan tipangersana panganten pameget nyaeta ujang panji, simkuring dipasihan kapercayaan ku keluarga ujang panji supados jadi wawakil kangge nyerahkeun panganten pameget ujang panji.
            Tapi sateacannaeta simkuring bae ngahaturken nuhun kakulawarga tipanganten istri parantos nampi kadongkapanna kaluarga panganten pameget ka ieu tempat.
            Bapa,ibu, oge kapara unangan nukusimkuring dipikahormat.
Maksadna simkuring aya di ieu tempat, simkuring salaku wawakil tikaluarga panganten pameget bade masrahkeun panagnten pameget nu nami jang panji, getihna satetes rambutna salembar tos teungagauh-gaduhan simkuringmah ayenamah tos dipasrahkeun kapanganten istri nunami neng euis.
Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu
ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngaréndékéh kawas séréh. Sing ayem
tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot
sapihanéan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol
solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa
kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacéngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur
sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.
           

  
    Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urang
cekapkeun sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung
saur bahé carék. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padésaan. Bilih
aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar, kababuk punduk kapangkék
kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.
Pamungkas pisanggem, hatur séwu nuhun kana sanéskawis perhatosanana.

Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr. wb







TUGAS BAHASA SUNDA



Biantara masrahkeun panganten pameget
 



kls X tkj 3Iwa Kartiwa Kelompok 1 :SMKN 1 PANYINGKIRAN                                                 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar